Tuesday, April 29, 2014

Sunda

Naon?

Tehnologi mibanda leuwih ti hiji harti. Nu hiji ngarupakeun tumuwuh jeung tumerapna parabot, mesin, bahan, jeung prosés nu nulungan manusa mereskeun masalah sarta nedunan pangabutuh. Salaku kagiatan manusa, tehnologi ngamangsa boh elmu boh rekayasa. Istilah tehnologi ku sabab kitu mindeng dicirikeun ku papanggihan-papanggihan jeung gadget make prinsip jeung proses ilmiah nu anyaran kapanggih. Tapi, papanggihan nu geus heubeul pisan saperti gilinding ge ngarupakeun conto tehnologi.

Harti séjén dipaké na widang ékonomi nilik téhnologi salaku wujud mutahir pangaweruh urang dina cara ngagabungkeun rupa-rupa sumberdaya pikeun ngahasilkeun produk nu dipikahayang (jeung pangaweruh urang kana naon wae nu bisa dihasilkeun). Ku kituna, urang bisa nempo parobahan téhnologis nalika pangaweruh téhnis urang ningkat/nambahan.

Naha ?

Naha Sim kuring beut milih bahasan tehnologi? kusabab tehnologi teh rupa - rupi macemna sareng manfaatna kanggo kahirupan jalma.

Tujuan ?

Jaman ayeuna tehnologi teh tos rupa - rupi, seueur teknologi anu tiasa janten pangabutuh ku balare tina kahirupan sapopoena , aya tehnologi di bidang kasehatan, agrikultur, komunikasa jeung sajabana, tapi aya keneh masarakat anu buta tehnologi padahal tehnologi teh tiasa ngabatosan kana sagala aktifitas nu osok dipigawe. Ku ayana bahasan ngenaan tehnologi ieu, Sim kuring ngarepkeun masarakat anu buta keneh kana tehnologi tiasa apal kana sagala tehnologi anyar anu  tiasa ngabantosan kana sagala pagaweanana,




Conto - Conto


Tehnologi teh aya dina bidang agrikultur sapertos metode hidroponik, dina bidang kasehatan sapertos jantung buatan, aya dina bidang komunikasi informasi sapertos gedget, oge aya dina bidangbahan bakar sapertos biogas.


Hidroponik




Hidroponik nyaeta budidaya tutuwuhan anu ngandelkeun cai sapopoena anu mentingken pangabutuhan nutrisi jang tutuwuhan. Tutuwuhan anu di budidaya nganggo metode ieu ngagaduhan kualitas sareng produktifitas anu langkung sae ti metode biasa.

Hidroponik seueur pisan kauntunganana, nyaeta teu kedah gaduh lahan anu luas dina budidayana, tapi tetep produktif dina ngahasilkeuna
.
  Macem - macem Hidroponik
  • Static solution culture / kultur air statis
  • Continuous-flow solution culture, contoh : NFT,DFT
  • Aeroponics
  • Passive sub-irrigation
  • Ebb and flow atau flood and drain sub-irrigation
  • Run to waste
  • Deep water culture
  • Bubbleponics
  • Bioponic

No comments:

Post a Comment